Manah Istri Carpon sunda




           meunag hayang puguh ge boga imah di sisi jalan teh. Ku kabeneran dipicangcam ti baheula mula, ayeuna sasat kabiruyungan. Tekal-tekil melaan kuru cileuh kentel peujit. Ku sasaha oge kasawang gaji Pe En Es butitina jaman kiwari. Gaji sabulaneun kadang- kadang boroampar nyesa nepi ka tanggal hiji bulan hareupna, mimindengna sapat di tengah jalan.
Ngingetkeun pangala unggal bulan, ku sareat mah asa hamo bisa nyengsarkeun pikeun ngapimilik imah. Tapi da teu kitu mungguhing Pangeran mah, sagalana teu aya anu mustahil. Buktina anu kaalaman ku diri. Asal keyeng tinangtu bakal pareng, sanajan struk gaji rimbil ku potongan ti ditu ti dieu oge, tamada we…..! Ari parantos kumaha deui nya kulan !
Loba leuwihna boga imah sisi jalan teh. Kaditu-kadieu babari ngadongkangna, pikeun sa-kuringeun diantarana lamun rek indit gawe jadi leuwih babari, kari megat mobil hareupeun imah, balikna nya kitu keneh, puguh kaliwatan pisan ku jalur angkutan padesaan, sakalieun balanja kaperluan sapopoe, boh rek ka pasar atawa toko anu aya di kota kacamatan hentu barabe deui.
Salian anu ditataan bieu ! aya deui onjoyna boga imah sisi jalan teh, lamun pareng meneran hade poena, dina harti keur halodo, komo poe Ahad atawa poe pakanci mah. Sakalieun ngadaweung ditepas imah, sok nambah matak resep. Asa ku loba tetempoan ! Pangpangna jalma anu lalar liwat atawa kandaraan anu meneran liwat hareupeun imah.
Jiga harita poe Juma’ah pasosore, kabeneran hujan geus dua poe henteu turun. Patoja’iah pisan jeung kamari-kamarina, meh parat dua minggu katukang mah, henteu beurang, henteu peuting hujan turun taya kendatna. Dibaturan ku pamajikan saperti sasari lamun hade poena sok ngahajakeun ngadaweung di tepas hareup, ngobrol ngaler ngidul kaditu kadieu. Obrolan anu sifatna enteng marengan nginum cikopi haneut, lalawuhna mah saaya-aya we anu nyampak, sakalieun ngahajakeun paling meuli ti warung peuntaseun imah. Bosen ngobrol kaselang ku maca koran atawa majalah.
”Asa ku hade poe teh nya Kang !” Pamajikan ngamimitian cumarita, kituna bari nunda majalah dina meja anu cikeneh mentas dibaca”. Omonganna teu ditembal! Kadenge-kadengena mah, tapi kagok keur pogot maca koran, puguh ge. Ongkoh-ongkoh we tonggoy kana bacaeun!
“ Ieuh….baku ari geus tara ngadengekeun omongan pamajikan teh!” Neni, anu jadi pamajikan maido, pangrasana omonganana teu dipalire.


“ Enya puguh ge kitu, Nen ! Kawasna mah rek maju ka dadangrat. Apanan geus rek April saminggu deui oge” Eleh deet, bari nutupkeun koran, nyelang heula nempo bengeutna sieun kateterusan baeud.


Sanajan rumah tangga geus meh ampir sapuluh taun, lamun pareng keur ngobrol. Ngabasakeun ka pamajikan cukup ku ngarana wae. Munasabah ! bisa jadi lantaran salila rumah tangga sakitu lilana encan wae diparengkeun boga turunan. Boga rasa henteu kagok nyebut ngaran sabab can boga budak.
“Dina koran ieu, diwartakeun hahargaan kabutuhan poko mimiti cing tararekel naraek deui! ceuk pangrasa Akang naekna gaji bulan April teh asa taya hartina ari kitu mah”
“Keneh-keneh tea wae panginten Kang, ari kitu mah kasebutna” Obrolan kuring duaan kandeg nepi ka dinya. Kasapih ku panggero tatangga nu kabeneran ngaliwat hareupeun imah.
“Wilujeng sonten pa Guru!” Pa Rosadi anu imahna di tungtung lembur beulah kulon, someah darehdeh bari sura-seuri nyari. Kayungyun tukangeunana Bu Ida ingkang garwa anu oge sarua darehdeh tandana miconggah.
“Barade angkat ka mana atuh, ieu teh….?” Kuring gasik nembalan panggerona, disusul tepus ku pananya basa-basi.
“Ngahaja we jalan-jalan, Pa Guru ! kaleresan gening nuju sae dintena” Bu Ida ngilu mairan.
“Naha murangkalih henteu aya anu ngiring ?” Pamajikan ngilu nembrong. Encan oge Pa Rosadi jeung Bu Ida nembalan pananya pamajikan, kaburu kaganggu manten ku dua budak anu lumpat bari pating irihil suka seuri silih sirig.
“Geuraheun Ibu ! sakitu budak piindung wungkul, teu kalis ngaringkang, sakalieun ka buruan ge teu weleh ngikintil” Bu Rosadi anu nembal teh.


Sajungna pa Rosadi sarimbit amitan. Ceg deui kana hanca bacaeun. Kareret pamajikan ngojengkang ka jero imah. Teu kungsi lila manehna norojol deui bari nanggeuy gelas dieusi cikopi karesep kuring. Sanggeus merenahkeun gelas dina meja, gek diuk dina korsi urutna tadi.
“Lamun diparengkeun boga budak kawas bu Ida, Tada teuing resepna, moal sepi teuing” kadenge manehna humandeuar ngomong sorangan.


Lain sakali dua kali manehna nyarita jiga kitu. Geus bosen ngadengena ! Harita oge teu dipalire, diantepkeun we. Keur barang mimiti mah nyarita kitu. Sok gancang dilelemu, bari diyakinkeun yen sok sanajan teu diparengkeun boga turunan, tapi pikeun diri kuring mah rumah tangga jeung manehna ngarasa bagja bae. Jeung saenyana kuring mah nyarita kitu teh. Lain teu hayang boga budak cara batur, tapi kuring sadar tumamprak kana kadar papasten ti gusti. Sok sanajan sakapeung mah osok oge dirobeda oge ku pikiran hayang ganti atawa nambahan deui pamajikan. Nurutkeun diagnosa dokter mah kuring teh sehat henteu kua-kieu.
“Hampura Neni, Kang! Rumasa henteu bisa nyugemakeun manah. Teu bisa mere turunan kawas awewe anu sejen! Ku kituna Neni ikhlas, upami tea mah Akang seja gaduh garwa deui”


Ngadenge caritaan Neni bieu. Teu weudeu rada reuwas oge ! Kakara ari nyarita nepi ka lebah dinya mah, tapi henteu geruh. Kuring tetep ayem bari mikir-mikir jalan piomongeun, anu sakirana henteu matak jaheut kana hatena.


“Nyaan….. Kang ! Neni mah serius, sanes nyarios tamba bau sungut ! Ieu mah leres kaluar tina ati sanubari. Estuning caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Rido, teu katumpangan geuneuk maleukmeuk. Tong boroning diwayuh sanajan bade dikeser oge, Neni pasrah jalaran tamada dikersakeun gabug, hamo bisa mere turunan”
“Menggeus ! nyarita teh kamana wae, kawas henteu aya piomongeun deui anu sejen. Angguran mah kaditu geura Ashar bisi kaburu ahir manten !” Henteu kudu dititah ngadua kalian, manehna ngaleos ka jero imah.


Saditinggalkeunana ku nu jadi pamajikan. Pikiran jadi galideur, dirobeda ku lamunan teu pararuguh. Dadakuna mikiran obrolan bieu, naha nyaan jejeroan hatena teh nepi ka lebah dinya. Ceg ! Koran anu keur dikeukeuweuk teh ditunda dina meja. Sajongjonan mah kuring mgahintul ngumbar lamunan, bari panon mah anteng manco ka jalan hareupeun imah.


Teu sabaraha lila rentang-rentang ti jalan belah wetan, katempo dua urang awewe keur leumpang bareng, sanggeus deukeut jadi sidik kanu duaan teh, anu kaos beureum mah si Cucu, anu hiji deui mah teuing saha henteu apal. Paingan Ti kajauhan oge si Cucu mah sura-seuri. Kungsi ka ajar basa keur di ESDEna, ngan teu kungsi boga ijasah kaburu aya anu narikan kawin, tapi teu lila rumah tanggana. Ngadenge beja saprak papisah manehna digawe di Jakarta, rada pangling oge tadi mah. Tetempoan teh asa jadi leuwih mencrang.
Sanggeus deukeut ka hareupeun, manehna seuri bari unggeuk. Kuring males ku imut, bari panon mah terus montel ka nu leumpang ka kulonkeun. Teuing kunaon bet jadi ngadon careraman. Nu keur leumpang teh make jeung ngadon diteuteup saanteng-anteng. Leler-leler reuwas kagareuwahkeun ku pamajikan anu ngabetahkeun tukangeun.

“Kitu we nya bongoh ti pamajikan teh, dasar lalaki mata karanjang! teu kaop ninggal imbit badag mani moho, poho kana sagala rupa!” Neni nengtrewelang bari nulak cangkeng. Kareret beungeutna kuraweud haseum.

Kuring ngan ukur melengek ! Teu kaharti ku pikiran anu jadi pamajikan. Karek maling reret ge geus sakitu werana, komo lamun kuring tulus nyandung. Beu…..Kiamat tea meureun!

No Response to "Manah Istri Carpon sunda"

Poskan Komentar